HAYU SARALAMETKEUN GENERASI URANG SADAYANA… SUPAYA ANAK URANG + ANAK BATUR GE SAMI TIASA SAROLEH SHOLEHAH, HORMAT TAAT KA GURU, BERAKHLAK BAIK TI BUBUDAK, CERDAS, PINTER, MANDIRI, HAMPANG BIRIT, GADUH SKILL MUMPUNI, BOGA KABISA ANU NGAHASILKEUN DUIT, BAROGA KASAB ANU HALAL THOYYIB…
Ieu curahan hate… Insya Allah ikhlas… ti baheula kuat semangat ngarojong kana pangajian jeung kagiatan pendidikan… Insya Allah niat murni BAKAT NYAAH ka Generasi…

*Solusi Terbaik:*
1. Balik kana ngaji diri jeung ngaji rasa, bahwa anu terjadi eta akibat tina dosa diri sorangan… ulah loba nganilai batur… komo nyalahkeun guru anak urang sorangan… kacida dosana eta teh…
2. Tulisan ieu estuning hiji pengakuan… bahwa anu salah lain budak abi… komo budak batur… tapi anu salah DIRI SORANGAN… sabab jauh tina TELADAN… jauh tina ucap tekad lampah anu bener… akibat tina dosa urang sorangan.
3. Urang budayakeun nitipkeun sing serius ka para guru sakola agama + guru ngaji + guru pondok + guru di sakola formal… supaya elmu anak urang BAROKAH…
4. Tingali kelebihan + kebaikan guru ngaji jeung guru sakola agama… silih doakeun jeung aranjeuna… supaya istiqomah sedayana… ngaji mah di mana wae bebas… tapi tata titi akhlak islam mah wajib diamalkeun. Sumping jeung mulih kedah wawartos sing sae…
5. ORANG TUA wajib terjun… tuturkeun + giringkeun + babarengan anak urang indit ka masjid + madrasah, sesekali tingalikeun keur diajar di diniyah + di pangaosana…
6. Istighfar, Sholawat, Shaum, ngadoa khusyu, loba shodakoh, apik mere dahareun inumeun, apik dina neangan kasab… menta ka Gusti supaya anak-anak urang sing SARUKSES DUNYA AKHERATNA…
7. Peran Bapa/suami paling gede nangtukeun sholeh + heunteuna istri, anak incu jeung anggota keluarga. Karena konsep Fathering teh eta aya dina sajarah para nabi jeung rosul. Bahwa tina 17 carita diskusi para nabi jeung keluargana, ternyata 14 dialog nyaritakeun diskusi BAPA jeung ANAK, lain Indung….!!!
Secara umum….Anak broken home, anak punk dkk., anak anu terjun kana pergaulan bebaaas….kabehana gen rata-rata karena eta anak JARANG BAHKAN HEUNTEU KASENTUH KULITNA AWAKNA kunu jadi bapana….rata-rata karena akibat perceraian, rumah tangga awet rajet, sibuk full di gawe jor joran, usaha kasabna kurang bahkan teu apik kana pengamalan sholat 5 waktu jeung halal haramna….
CATATAN :
Anu maos tammat komo dibolak-balik… Insya Allah bakal boga jiwa anu BIJAK… jadi jalma anu PINTER NGAJI RASA + NGAJI DIRI… jadi ANFA’UHUM LINNAS WAL ‘ALAM. Wallohualam.
(Aba Azri / Penggiat Pendidikan)

